Rabu, 27 Maret 2013

Sambel Goreng Teri Jengki, Ayam Goreng Tulang Lunak, Tumis Terong Tempe.

D a p u r



Sambel Teri Jengki teu kalebet pasakan anu model, tapi seueur nu seneng. Saurna teh ni’mat pisan upami dituang kanggo sarapan. Aya deui nu langkung pedo, hayam kenging ngagoreng anu hipu ka tulang-tulangna. Panambihna tumis terong tempe, katuangan anu murah meriah tapi kalandep ku sadayana. Wilujeng olah.

Sambel Goreng Teri Jengki.


Bahana : Teri jengki tawar 250 gram, digoreng dugi ka garing. Peuteuy dua papan, pesekan kulumudna. Cipati 250 cc tina saparapat hulu kalapa. Minyak 3 sendok. Tomat cekap hiji. Jeruk mipis sasendok makan.
 Bumbu anu direndos : Cabe beureum 7, Bawang beureum 8 sihung, Bawang bodas 2 sihung, Sereh sapingping disiksik dugi kalembut. Tarasi sacekapna (kanggo nu seneng). Sasendok enteh gula bodas. Satengah sendok enteh uyah. 

Ngolahna : Bungbu ditumiskeun sareng tomat dugi ka seungit. Lebetkeun peuteuyna, asakan dugi ka kentel. Saterasna lebetkeun teri jengki sareng cai jeruk mipis. Gulah-galeh, (ngagulah-galehna sakedap) Teras jait. Wadahan kana lodor. Ambengkeun.

Ayam Goreng Tulang Lunak

Bahanna : Hayam sahiji. Gula beureum 50 gram disiksik dugi mka lemes. Cai asem jawa sasendok makan. Cai kalapa 2,5 leter. Salam 5 lambar. Laja sakeureut digeprek. Minyak sacekapna.
Bungbu anu direndos : 6 sihung bawang bodas. 5 guruntul muncang. 2 sendok enteh uyah.

Ngolahna : Hayam dipotong jadi dua bagian, sabagian dadana, sabagian deui ka pingpingna. Sabagian-sabagian diteken ku dampal leungeun supados meber, ulasan ku bungbu (balur) dugi ka Rata, Hayam disimpen dina presto, tindihan ku sarangna. Tambihan ku cai kalapa saleter, gulaan. Tambihan cai asem, salam, sareng laja. Digodog. Seuneuna sedeng bae dugi ka kadangu aya sora ngaheos. Antos kirang langkung 30 menit. Upami caina macak-macak jait, teras di goreng.

Tumis Terong Tempe.

Bahanna : Tempe 250 gram dikeureutan pasagi panjang sapertos kanggo sambel goreng biasa. Digoreng satengah asak. Terong telunjuk (terong aralit) dibeulah dua. Sasendok enteh asam jawa. Cai 50 cc. Bawang bodas 3 sihung disiksik ipis. Salam 2 lambar, laja sakeureut, cabe hejo 2 disiksik, cabe beureum 2. Peuteuy 10 papan dibeulahan, gula bodas ¼ sendok enteh. 2 sendok enteh uyah, cipati 800 cc tina kalapa sabeulah. Minyak kanggo numiskeun sacekapna.

Ngolahna : Bawang bodas, bawang beureum, salam laja ditumis dugi ka kaambung seungit. Cabe beureum, cabe hejo, sareng peuteuy hijikeun kana tumisan tadi. Gulah-galeh Sakedap. Lebetkeun tempe sareng terongna, aduk sing rata. Cur cipatina, gula, sareng  uyah bari digulah-galeh dugi ka ngagolak. Lebetkeun cai asem, gotrokeun dugi ka bungbuna nyerep.

Steak Tahu.

Bahanna : Tahu sutera 300 gram tuuskeun, potongan kumaha kahoyong wangunna mah. Bawang daun sagagang, candak nu hejona wungkul, siksik ipis.
Bungbu anu direndos : Minyak sasendok makan, minyak wijen ½ sendok enteh, kecap jepang 2 sendok makan. Bawang bodas sasihung diparud, Kecap amis sasendok makan, pedes, tipung ½ sendok enteh. 

Ngolahna : Tahu dikeueuman ku cai bungbu lamina sajam. Pasak dina katel nganggo seuneuna alit dugi ka Warnana kasoklat soklatan sareng garing. Tahu jait wadahan kana piring ceper luhurna awuran Bawang daun kenging nyiksik. Ambengkeun.


Tong hilap Klik Blog Tatanga sabelah


Usum Ngabustam



Ngabustam.



Ngabustam teh ngawadul. Biasana loba bohongna tibatan benerna. Tujuanana bisa rupa-rupa, ngan utamana mah ngarah piandel, hayang dipercaya. Ku naon pangna kitu? Sabab nu ngabustam hayang nutupan kahengkeran dirina, susuganan ku cara kitu ku batur jadi dianggap hebat, dianggap bisa, dianggap mampuh. Padahal da ari kamampuh atawa kabisa jelema mah da nonggerak. Najan ditutupan oge pasti kaciri ku batur, sabab pangabisa mah katenjona dina karya nyata. Mun aya jelema ngaku-ngaku sakti teu teurak dikadek, tong waka percaya. Mending cobaan we kadek, pan pasti katempo teurak henteuna  Komo jelma nu ngaku-ngaku kasep atawa geulis mah, hese ngabohongna, da eta mah langsung aya buktina.

Kamampuh jelema teu bisa diukur tina omonganana wungkul, tapi kudu katempo buktina. Beuki mindeng jelema nabeuh karep, urang kudu beuki curiga kana naon anu diomongkeunana. Sabab biasana jelema nu loba pangaweruhna mah tara rea omong, tara hayoh wae ngagul-ngagul karep. Cindekna tara goong nabeuh maneh. Tah nu loba omong bari euweuh kanyaho, kurang kamampuh, nya ngabustam tea disebutna. Mun rajin nengetan pintonan dina tipi, ayeuna-ayeuna ieu loba pisan goong nabeuh karep. Para calon presiden jeung calon wakil presiden paciweuh paloba-loba omong, nepi ka silih cempadna pisan. Rupa-rupa pamolahna. Aya nu agul ku turunan. Aya nu ngagul-ngagul hasil gawe manehna salila jadi pejabat, sok padahal eta mah memang geus jadi tugasna, da pararuguh buruhna. Pan pejabat teh digajih lain? Aya oge nu ngagogoreng batur, jiga manehna tara salah atawa tara pikasebeleun. Kalakuan nu ditataan tadi kabeh oge tujuanana mah sarua: hayang meunang simpati, hayang dipikaresep. Mun geus dipikaresep, pan pamustunganana mah hayang dipilih.
Ngan jigana bae, maranehna teh poho yen ra’yat teh lain budak olol leho nu gampang dibobodo. Cara-cara nu dipilampah kiwari, upamana ku cara ngabustam tea, geus hese payu. Sarerea ge geus pada ngarti, lamun enya nyaah tur deudeuh ka ra’yat, nu penting mah gawe nu bener, teu kudu loba ngomong teu puguh. Jeung pamingpin mah kudu pinter deuih. Tangtuna oge eta kapinteran teh ulah dipake minteran batur, dipake nyalikong, tapi estu dipake pikeun ngokolakeun nagara sangkan ra’yatna raharja. Pamustunganan, urang kudu ati-ati dina milih pipamingpineun. Ulah kagelo ku jangji, mun kieu rek kieu, komo bari jangjina teu realistis mah. Nu kitu mah ngabustam tea ngaranna. Sanes kitu? Kateuing ah, lieur!

Di antos kasumpingana ku >> Budak buncir

SISINDIRAN LUCU SUNDA


SISINDIRAN LUCU SUNDA NINI - NINI
----------------------------------------------
Niti wanci Nu mustari
Ninggang Mangsa Nu utama
Nini Nini Jubajebi
Pedah teu dibere eusi calana ( heuheu artos )

Nete Taraje
Nincak Hambalan
Nini nini  Meni ejle
Ningali Nu Uulutudan (tah ieu mah Munding wkwkwkwk)

Kagok Borontok
Kapalang carambang
Nini Denok Meni Montok
Mun di Kutang katingal tulang

Cadu Mungkuk
haram zadah
Mun ngaringkuk
Siga Sapedah ( wkwkwkwkwkwk)
______________________________


Sisindiran keur nu jomlo
-----------------------------

ka Bandung kuring ka bandung
sukajadi keur marema
kaduhung kuring kaduhung
heunte jadi ka manehna
(pasti da ari ngarana kaduhung mah paneuri,moal aya kaduhung tiheula kecuali kaduhung nuntun munding trus di tubruk,kakara kaduhung tiheula...heu heu)


diputer-puter gincuna
ari pek beunang talina
diincer-incer incuna
ari pek meunang ninina
(ah..ninggang di sue we eta mah,lamun nginceur lanceukna menang adina wajar,,ieu mah nginceur incu menang nini na...ckckck parah)


aya randa geulis pisan
geulis na leuwih ti artis
mana....mana....euuy randana.....???


WAYANG GAMBARAN KAHIRUPAN

Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?



WAYANG ngalalakonkeun kahirupan manusa. Enya, kahirupan sapopoé. Hanas aya bagian carita nu teu manjing di akal, éta mah ukur pangjangkep reujeung papaés—kawas kasuktan-kasaktén, alam kahiyangan, atawa sasatoan bisaeun nyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deui ajén-inajén anu dikandungna, éta téh sagemblengna meunang ngaludang tina kahirupan urang.
Ngan anéhna, naon sababna bentuk wayang teu persis niron potongan jalma? Sirahna gedé teuing, teu ngimbangan ukuran awakna. Kitu deui leungeunna, paranjang jeung laleutik teuing. Keureutan beungeutna ogé, jajauheun ti rupa urang. Aya anu irungna gedé, aya anu matana bolotot, aya anu huntuna mudal ka luar, jeung sajabana.

Béda jeung di batur, lalakon anu sumberna tina kahirupan manusa téh, ana dipagelarkeun ku bentuk bonéka, ilaharna niron rupa jeung proporsi awak jelema. Malah aya anu ukuran gedé jeung jangkungna badan gé disaruakeun jeung badan urang. Rupa jeung bentuk bonéka nu dipaké di batur mah teu némbongkeun ayana unsur distorsi, sabab disarimbagkeun jeung badaniah urang.

"Mun ditingal tina kasang tukang lahirna wayang di urang, éta téh mémang dihaja sina kitu," cék Drs. H. Anang Permana (74 taun), dalang kasepuhan ti Ujungberung nu kasohor tapis nyieun wayang.

Wayang jieunanana, aya nu dikoléksi di Jepang, Singapura, Inggris, Walanda, jeung Amérika. Ieu Ketua Jurusan Padalangan di SMKI manten téh kungsi dipentés pinton wewesén dina kagiatan Expo 1970, di Osaka, Jepang.

Dina mangsa-mangsa munggaran asupna Islam ka urang, kitu cék Anang, wayang téh dipaké média pikeun nyebarkeunana. Da´wahna para wali téh apan dibungkus ku kasenian. Jigana mah lantaran diluyukeun jeung kaayaan masarakat jaman harita. Jadi, lain dimimitian ku medar ayat atawa mesék hadis, jajauheun mun bari ngacung-ngacung pakarang. Saréat Islam téh diaworkeun jeung budaya nu dalit dina kahirupan sapopoé. Éta waé geuning buktina, ajian Prabu


Darmakusumah alias Yudistira ogé, kalimusada, apan jadi kalimah sahadat.

Najan sina awor jeung budaya anu geus nyampak leuwih ti heula, tapi aya babagian anu dibédakeun. Bisa jadi meureun pikeun nandeskeun yén dina garapan wayang téh aya muatan anu sumberna tina ajaran Islam.

"Salah sawios di antawisna nya dina ngadamel bentukna téa," cék Anang. "Dina paélmuan ngadamel wayang mah disebatna didéformasikeun éta téh."

Dina jaman para wali nyebarkeun Islam, di urang, anu geus leuwih ti heula wanoh kana ajaran Hindu atawa Budha apan geus aya patung reujeung arca, anu rupa reujeung bentukna ilahar nyonto ka jelema. Mémang aya éta gé arca anu rada méngpar, upamana Ganésha anu sirahna gajah. Tapi da ari dina karéréanana mah, sakumaha anu kapanggih di musieum nasional, angger wé néplak postur jelema.

"Éta pangna bentuk wayang dibéntenkeun ti arca, anu tos dianggap jadi banda luareun Islam. Bari jeung apan ari arca atanapi patung mah sok dianggo sesembahan. Rupina, upami bentuk wayang niron arca mah, inggis engkéna bilih disarembah, " pokna. Lian ti éta, dina ajaran Islam téh apan aya papahaman yén teu meunang barangjieun anu nyarupaan mahluk Gusti.

Katerangan Anang bieu pikeun leuwih nandeskeun alesan naon pangna bentuk wayang teu dijelemakeun. Mémang kitu ti baheulana, ti keur jaman wayang kulit kénéh, anu saterusna di Sunda lahir wayang golék.

"Ari pikeun Bapa mah, bentuk wayang didéformasikeun téh saleresna langkung seueur disawang tina sisi éstétika. Upami wayang bentukna kawas awak jalmi, bakal hésé dina nuju diigelkeunana. Cobi waé, apan kélék wayang mah langab, teu rapet kawas urang. Upami teu sina langab, bakal kawatesanan dina ngigelkeunana ogé," cék Anang.

UPAMA disalusur asal-muasalna, wayang golék anu ayeuna hirup di urang téh apan bibitna mah ti Jawa, ngan di dieuna dirobah ku karancagé para senimanna. Mimitina asup heula ka Cirebon, terus ka Priangan, balukar tina lancarna patali marga, nyaéta ti saprak aya jalan raya pos jieunan Daendels. Masih kénéh wayang kulit harita mah, basana gé basa Jawa.

Naha ari urang Sunda baheula teu bogaeun kasenian wayang kitu, tepi ka kudu nguyang ti Jawa?

Saenyana, lamun urang ngungkaban naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (ditulis taun 1618 Maséhi), aya katerangan kieu:

Hayang nyaho di sakwéh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawa-sarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma mémén tanya.Hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; prepantun tanya.

(Mun hayang nyaho sakabéh carita, kayaning: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, nya sagala rupa carita pék tanya dalang. Lamun hayang nyaho ngeunaan pantun, kayaning: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; pék tanya juru pantun.)

Jadi, cék éta naskah mah, urang Sunda ogé geuning bogaeun carita wayang téh. Ulah waka disebut wayang atuh, tapi lalakon (teuing kumaha jengglénganana) anu jadi garapan dalang. Ngan hanjakalna téh kiwari urang teu kawaris sésa-sésana. Urang teu apal, kumaha ari carita Ramayana jaman Pajajaran téh, da lalakonna geus teu kasusud. Terus deuih, naha éta lalakon Ramayana jaman harita téh dipagelarkeunana maké médium bonéka anu ku urang ayeuna ilahar disebut wayang? Taya kateranganana. Minangka anu nyésa téh, tur tepi ka urang ayeuna, nyaéta carita pantun.

URANG balik deui kana pedaran wayang golék anu tepi ka ayeuna hirup dina kasenian Sunda, anu terus tatalépa kawariskeun tepi ka ayeuna. Harita, aya ahli nyieun wayang kulit, ngaranna Ki Darman, bumén-buménna di Cibiru, Bandung Wétan. Ari asalna mah Ki Darman téh ti Cirebon. Sanggeus pindah ka Cibiru gé masih kénéh terus nyieunan wayang kulit, keur pakéeun para dalang di Priangan. Nya ka kaémpér-émpér ka Bupati Bandung anu katelah R.

Wiranatakusumah III (Dalem Karanganyar), anu saterusna méré pancén ka Ki Darman pikeun nyoba-nyoba nyieun wayang tina kai. Jieunan Ki Darman anu mimiti, masih kénéh néplak pola wayang kulit. Dalém Karanganyar kurang sugema, terus ngasongkeun saran sangkan bentukna dirobah deui. Nya ahirna ngajanggélék waé wayang golék sakumaha anu kiwari aya. Kecap golék téh cenah kirata, nyaéta diugal-égol jeung diulak-olék—maksudna mah diibingkeun. Enya, apan ari wayang golék mah kaasup barang tilu diménsi, béda jeung wayang kulit anu ngan ukur dua diménsi.

Nya ti harita di Sunda aya wayang golék téh, najan ari basa anu dipaké dina pintonanana mah angger ku basa Jawa. Mimiti dirobah jadi basa Sunda téh dina jaman Dalem Bintang alias R.A.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874). Kitu ogé anu dirobah téh ukur dina ngadadar lalakon, da ari kakawénna mah masih angger ku basa Jawa, tug tepi ka ayeuna ogé.

Anang (lahirna di Ciwidéy, turunan dalang ti bapa anu katelah Entum Wiraatmadja), mimiti guguru nyieun wayang taun 1950-an, satamatna ti SGB, ka Udin Suparta, urang Cibiru. Ari Udin Suparta téh generasi katilu ti Ki Darman. Dibandingkeun jeung tukang nyieun wayang lianna, Anang aya punjulna. Ari sababna, Anang mah dalang anu kungsi kakoncara dina jamanna. Lian ti éta, henteu ngan sawates jadi kréator seni wungkul deuih, tapi mampuh ngarumuskeun paélmuanana. Éta pangna ayeuna remen jadi pananyaan dalang yunior gé.

Cék Anang, teu loba dalang anu bari bisa nyieun wayang téh. Ari sababna mah lantaran aya "tetekon": dalang mah peupeujeuh ulah nyieunan wayang, bisi ngadalangna teu payu.

"Mémang leres, kitu. Dalang mah leres ulah pirajeunan ngadamel wayang, upami nuju manggung, hé-hé-héh …," pokna. "Ari Bapa mah, manggung kantos sering, dina jaman keur ngora mah. Atuh dina ngadamel wayang, dugi ka ayeuna gé masih kénéh dikeureuyeuh. Mung pédah ayeuna mah dina ngukirna anu rada abot téh, margi kondisi panon tos robih."

Wayang golék téh dina rupa reujeung hiasanana néplak kana wayang kulit minangka babonna. Tapi, dina sawatara bagian mah aya anu dirobah; upamana waé kilat bahu anu aya dina leungeun Gatotgaca. Dina wayang kulit, éta kilat bahu téh dirupakeun oray, ari dina wayang golék mah manuk galudra.

NYIEUN wayang golék geus pasti réa unak-anikna. Anu pangheulana, kudu nyieun bentuk; ngawengku sirah, leungeun, jeung awak. Ti dinya terus diukir. Ari ukiran dina wayang, pangpangna lebah makuta, apan sakitu renyekna, dirungkal-ringkel. Kasawang kumaha leukleukna, nyodét-nyodétkeun tungtung péso raut dina ukuran mimilian.

Terus nincak kana ngecét, anu sarua deuih leukleukna. Kitu deui lebah gradasi (béda-bédana) warna, sarua deuih loba anu dina ukuran miliméter—ukur saluhureun buuk. Mun geus dicét, terus dirangki jadi tangtungan wayang. Diceceban campurit, dijieunna tina awi, tungtung handapna diseukeutan, minangka paniir sirah jeung awak (lamun keur diigelkeun, wayang téh dicekel campuritna). Bagian leungeunna ditiir ku bola kasur, ngarah bisa digerakkeun. Tina tungtung dampal leungeunna, disambung ku tuding (sarua deuih bahanna tina awi). Bérés éta, terus kudu dipasangan hiasan (asésoris) reujeung sampingna.

Ku nilik prosésna kawas kitu, kaharti lamun nyieun wayang golék (anu alus) mah teu cukup ku sapoé. "Dina saminggu téh, paling tiasa ogé ukur ngaréngsékeun hiji," cék Anang.

Anu matak, pantes mun hargana mahal gé. Wayang golék jieunan Anang, hijina rata-rata harga sajuta rupia. Mun pesen sakotak, anu eusina 117 wayang, nya kari ngalikeun waé, kira-kira sabaraha pipangajieunana. Jauh tangéh mun dibandingkeun jeung harga wayang anu sok diasong-asong ka para turis, anu hargana bisa Rp 15 rébuan.

Mun diukur ku bahanna ogé, harga sakitu mah asa teu katulup aya buruhan pikeun anu nyieunna. Ayeuna, harga kai albasia ogé pan geus sabaraha. Tacan deuih harga cét, terus bahan keur samping, reujeung asésoris lianna. Sabaraha buruh keur pangrajinna atuh?

Waktu Anang rék ka Osaka (taun 1970), harita harga wayang sakotakna téh Rp 25 rébu. Tapi, jualeun di Jepang mah sapuluh tikeleun ti éta. Ari sababna, dijieunna ogé enya-enya apik; boh dina ukir-ukiranana, boh dina ngecétna. Malah sampingna ogé maké batik tulis nu hargana mahal. Kitu deui minangka hiasanana téh maké ditarétés ku permata sagala. Kiwari éta wayang jieunan Anang téh dikoléksi di Jepang.

Ayeuna, bentuk jeung rupa wayang téh aya anu disarimbagkeun jeung jelema. Mimitina mah ukur tokoh emban jeung Batara Guru anu dijieun kitu téh. Ka dieunakeun mah tokoh-tokoh séjénna ogé aya dirobah.



Carita  >> Si cepot ngadat

UNDAK USUK BASA



Ampun paralun teu gaduh maksad kumawantun mapatahan ngojay ka meri, atanapi asa pangtiasana ieu aing uyah kidul. Ieu mah estu urang sasarengan diajar bae, malahmandar aya mangpaatna. Perkawis undak-usuk basa nu kapihatur, mung nu kapendak dina hirup kumbuh sadidinten bae, tetebiheun dugi kana papagon linguistic, kantenan ilmiah mah. Ieu mah dicawiskeun kanggo murangkalih, supados teu ngatog teuing. Dina ieu babaran, kahaturkeunbasa lemes kanggo nyalira sareng basa lemes kanggo nu sanes (sahandapeun, sasama, saluhureun).

Sateuacan neraskeun ngalarapkeun basa lemes dina nyarios sadidinten, urang selang heula ku ngebrehkeun kanyataan basa nu saur para ahli mah kalebet “lemes kampung. Hartosna bakat ku palay lemes, aya sawatara kecap anu teukengeng dilemeskeun, teras dilemeskeun, dugika janten lepat, numutkeun rasabasa, aya oge anu nyebat “salah kaprah” nanging saleresna mah henteu seueur, mung henteu teu aya. Di antawisna:
 Jenengan Tempat

Kampung Batu Gede dilemeskeun janten Batu Ageung. Larapna dina kalimah; Tadi teh pun Dadang parantos angkat ka Batu Ageung. Kedahna: Tadi teh pun Dadang parantos angkat ka Batu Gede (nami hiji kampung). Benten deui sareng kalimah; Di tengah pulo aya batu gede, lemesna, Di tengah pulo aya batu ageung.Tah ieu mah leres, margi batu gede nu dimaksad sanes nami kampung, nanging nami barang. Conto sanesna: Maman nembe mulih ti Jl. Balong Ageung. Kedahna, Maman nembe mulih ti Jl. Balong Gede. Aya oge nami, Cimahi. Dilemeskeun janten, Cicekap. Eta oge lepat. Cindekna nami tempat, teu kengeng dilemeskeun.

Kecap Sifat

Seueur nu nyarios kieu; Pribados oge kantos jarah ka Pamijahan. Kecap pribados kawitna tina pribadi, upami dilemeskeun janten lepat. Kedahna; Sim kuring/abdi oge kantos jarah ka Pamijahan.

Kecap Pagawean

Pun adi nuju olahragi. Kedahna, Pun adi nuju olahraga. Upami nuju olah ragi, nu diolahna ragi. sanes raga/awak. Benten deui sareng kalimah; Abdi mantuan ngakut cau ka Mang Dudu, janten Abdi ngabantosan ngakut cau ka Mang Dudu.

Kecap Barang

Tatangga digentos janten tatanggi, lepat. Kedahna tatangga mah angger bae, sapertos; Pun biang nuju ngobrol sareng tatangga.

Kecap Sulur

Kecap sulur/gaganti diri miboga, dina basa Sunda nganggo; pun. Conto, indung abdi janten pun biang,bapa abdi janten pun bapa, pamajikan abdi janten pun bojo.

Nu lepat: Naha geuning angkat teh, henteu sareng pun bojo? (Maksadna istri jalmi nu ditaros). Kedahna, Naha geuning angkat teh teu sareng tuang rayi? Pun bojo = pamajikan abdi. Tuang rayi= pamajikan anjeun (jalmi kadua).Conto sanesna; Pun Ibu mah nuju ka pasar. Lepat, kedahna; Pun biang mah nuju ka pasar. Upami naros; Dupi tuang ibu angkat ka pasar? Aya nu naros; Sareng saha angkat ka Banten teh Jang? Diwaler; Sareng pun rama. Lepat, kedahna; Sareng pun bapa.Aya nu langkung aheng; Pun paman nuju kulem sareng pun bojona. Lepat, margi kecap PUN hartosna gaganti diri miboga tegesna nu kuring. Kedahna, Pun paman nuju kulem sareng pun bibi, atanapi pun paman nuju kulem sareng bojona, atanapi sareng istrina. Aya nu ditumpuk. Conto: Dupi eta saha? Di waler; Ieu pun bojo abdi, lepat. Kedahna; pun bojo.teu kedah nganggo abdi deui.

Kecap sulur sanesna, ngalarapkeun kagungan, sareng gagaduhan. Kagungan larapna kanggo nu sanes, gagaduhan kanggo nyalira. Conto: Pulpen saha ieu teh? Kedah diwaler: Gagaduhan. Teu kengeng; gaduh abdi, atanapi kagungan abdi. Lepat. Nu Leres : Pulpen saha ieu teh? Diwaler; kagungan Pa Dedeng. Conto sanesna ; Dupi bapa, kagungan putra teh sabarahiji? Diwaler; Abdi mah gaduh anak teh mung dua.

Sok aya nu nyarios; Kamari abdi angkat ka Bandung, sareng putra abdi. Kedahna; kamari abdi mios ka Bandung, sareng pun anak.

Nyakitu deui tumali sareng pameget (salaki), kawitna tina pameget (lalaki). Aya nu nyarios: Abdi bade nepangan ibu teh sareng caroge abdi. Maksadna sareng salakina. Lepat kedahna: Abdi bade nepangan ibu teh sareng pun lanceuk. Kecap lanceuk, tiasa dianggo ka saderek saibu-sarama,tiasa oge dianggo ka caroge/salaki.Upami kanggo nu sanes kedah pamegetna atanapi tuang raka, conto: Dupi pameget Bu Ani teh , Pa Diding? Da caroge pun anak mah, Dudung. Bu Dedeh, dupi tuangraka teu ngiring? (pameget, caroge, tuangraka, pun lanceuk, nuduhkeun salaki, dina kalungguhan nu benten, kanggo nu sanes, kulawarga nyalira, diri nyalira). Cindekna, kanggo nyalira PUN… kanggo nu sanes TUANG…



Manga bilih bade ningali >>VIDEO HOT



Senin, 25 Maret 2013

Kidung Sasadu Palalaku

Awitan puji Nu Agung, didastakeun ka Ilahi,
ka Alloh Nu Maha Endah,
nu ngupah ngapeh pibatin.
rehing ku widi Mantenna,
rengse nganggit ngahariring.

Hariring awak satangtung, birahi ti awit lahir,
cuang-cieung ngan sorangan, sorangeun diri pribadi,
sajorelat kingkilaban,
citangis ti Ahli Bait.

Munajat ka Maha Agung,
di Baitulloh pribadi,
Baitulloh saamparna,
saliring-liring dumadi,
sajagat sagorombyangan,
jerit pibatin birahi.

Kasinaran layung ngempur, dumeling ti Imam Ali,
ti Kumail Ibnu Ziyad,
mugi kersa wening galih,
diteda setra pangrasa,
reh disanggi ku sim kuring.

Diwangun mangrupi lagu,  Papatet anu maranti,
sidik indung Tembang Sunda, Papatet patokan diri,
papayeun nu ngahaleuang, haleuang Rawayan Jati.

Rum arum mitra sadarum,
anu wening ngahariring, mapatkeun tembang Sang Nyawa, nyawa sakuring-sakuring,
mugia kenging nugraha,
puji pibatin ditampi.Dakwah budak gjo

Kabirahian nu hirup,
sugrining anu kumelip,
hayang mulang ka sungapan,
ti suci mulih ka suci,
congo nyurup di puhu-Na,
mulih ka Bait nu asli















Salajengna >> Dakwah budak gjoel